Rabu, 05 Januari 2011

Tukang Celep

Hiji Mangsa , aya bangsat dek ngabangsat ka imah batur . bakat ku geumpeur eta bangsat tiseureuleu , paeh ! labuh ka handap . Keluarga korban nungtut kanu boga imah .
Keluarga Korban : Tidak rido ini sampai mati , kapaksa yang punya rumah juga harus digantung supaya sama , Mati .
Dilaporkeun ka pengadilan .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Nu boga imah : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Nu salah mah tukang kai , nyieun awi teu bener , matak jelema tisoledat !
Tukang Kai dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Tukang Kai : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Tuh si ibu anu make baju Oranye . Abdi kan nitah pang nyelepkeun teh Hejo , naha jadi oranye ? Matak ngaganggu etateh .
Ibu nu make baju oranye dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Ibu ibu : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Tuh tukang celep . Abdi pan miwarang pang nyelepkeun oranye, naha jadi hejo ?
Tukang celep dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Ngabantah kaditu-kadieu , terpaksa kudu digantung !
Ari Algojo na teh jelema belegug , ari tukang celep na jangkung , tihang gantungan na pendek . Nya teu ngagantung-ngagantung , teu paeh-paeh .
Hakim : Enggeus euy ?
Algojo : Hese Pa ! Jangkung teuing !
Hakim : Ari maneh bodo-bodo teuing , neangan tukang celep pendek !
Tukang celep pendek keur nyelep . Dek miluan .
Tukang celep pendek : Naon dosa Abdi ???!!
Sarerea : PENDEK !!

Hakim : Adil karaos sadayana ?
Sarerea : Adillll.....

1 komentar:

Firmantainment Cilegon mengatakan...

pendek siaaa.... hukum ayeun diurang teh model kitu,,,

Posting Komentar