Minggu, 09 Januari 2011

Jawara II

Pan aya Jelema , mawa duit dikarungan . Mangkaning waktu dek maju ka peuting . "Alahh ,, Kumaha mun aya Rampok !! " Bae lah Bismillah weh kumaha engke . 
Bener , dinu Jembatan Rampok 5 -an .
Eta pura-pura na nenang-nenang keun maneh . 
" Dek naon kikieuan ka dewek ? Emangna aing sieun ? "
" Alah !! Pasti nu dek di Rampok teh jawara "
" Naha mararundur ? sok yeuh kadeh naha beut marundur ? Teu Wani di hareup , ditukang ! "
Ai geus di tukang mah meureun wani ..
" Enggeus euy ?? "
" Enggeus kang ! "
" PAEH AING "

Panyateh jago

Sabtu, 08 Januari 2011

Jawara I

Aya jawara pan duaan pasea . Mangkaning geus mumusuhan mang taun-taun , dua dua na jago . Kabeneran pisan atuh etamah , meuntas jembatan . Dua dua na pa amprok di tengah . " Alah pasti cilaka ieumah " . Dek mundur gengsi geus weh paamprok ditengah  . Nu hiji mawa Bedog . Kabeneran nu1 deui mawa Peso Belati .

"Sia nyaho ieu naon ? " . "Bedog!, Ai Ieu ?" . "Peso Belati"  .
" Tukeur tambah ? " " Hayu !! "

Suganteh dek gelut , Plong weh 2 2 na ngemplong

Sieun Ku Pamajikan

Kabeh lalaki salembur di bariskeun . Di pisahkeun . 
"Nu sieun ku pamajikan ka beulah kenca , nu teu sieun ka katuhu " kabeh ka kenca , ngan aya saurang nu ka katuhu , diparuji wanian .
" Naha maneh didieu ? "
" Duka atuh da dipiwarang ku pun Bojo "

" Heu euh sia ge diditu "

boro dipuji 

Tukang Kupat Tahu

Aya tukang Kupat Tahu , sisi Rel keur ngumbah piring . Ai piring lawan na lawan beureum , beres ngumbah di kebut-kebut . Kereta Api ngaliwat , Reuwas atuh eta masinis . Suganteh aya tanda bahaya . Di Rem ... Langsung Nolol eta masinis .
Masinis : Aya naon Mang ?
Tukang Kupat : Teu aya nanaon , kantun bungbuna hungkul

Poek

Tipeuting tinu poek , tiditu aya jelema , tidieu aya jelema . so akrab weh ..
Jelema 1 : Kamana Din ?
Jelema 2 : Ah, geus ulin weh Ceng .
Ari geus jauh 
Jelema 1 : Aing mah lain Udin !
Jelema 2 : Paduli aingge lain Aceng !

Rabu, 05 Januari 2011

Perlombaan Bunga Se-Dunia

Kita sambut , dari Indonesia ... Bunga Melati !! (keprok sarerea)
Dari Jepang , Sakura !! (keprok sarerea)
Dari Belanda , Bunga Tulip !! (keprok sarerea)
Dari Arab ??? *Bingung da diditu mah eweuh kembang .


Teu Kagok Porosotkeun weh calana .. KAKTUS !!!

Nu Mabok 3

Aya nu mabok nyetiran Mobil . Bari kawas nu peureum nyetiran teh . Koleong-koleong Jderrrr!!!!! nabrak kios .
Nu boga Kios : Kira-kira atuh euy , kakara ge buka kios teh . Geus maen tabrak wae .
Nu Mabok : Paduli Anjir , garasi garasi aing !

Nu Mabok 2

Aya nu Mabok ereng-erengan weh duduaan . Tengah poe sabari Ngobrol :
Mabok 1 : Euy ! Ai ceuk maneh itu bulan atau PanonPoe ?
Mabok 2 : Bulan !
Mabok 1 : PanonPoe anjir !
Mabok 2 : Bulan !
Datang 1 Bapa nu ngaliwat .
Mabok 1 : Pa, punten bade tumaros , ai itu bulan atau PanonPoe ?
Bapa : Duka atuh cep , da bapa ge jalmi enggal .

Nu Mabok 1

Aya jelema kokorondangan dina rel kereta api . Ku baturan na ditanya :
Waras : Ai maneh nanaonan di dinya ?
Mabok : Bapa aing , nitah menerkeun listrik taraje na panjang-panjang teuing !
Sidik kokorondangan di jalan Rel .

Tukang Celep

Hiji Mangsa , aya bangsat dek ngabangsat ka imah batur . bakat ku geumpeur eta bangsat tiseureuleu , paeh ! labuh ka handap . Keluarga korban nungtut kanu boga imah .
Keluarga Korban : Tidak rido ini sampai mati , kapaksa yang punya rumah juga harus digantung supaya sama , Mati .
Dilaporkeun ka pengadilan .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Nu boga imah : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Nu salah mah tukang kai , nyieun awi teu bener , matak jelema tisoledat !
Tukang Kai dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Tukang Kai : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Tuh si ibu anu make baju Oranye . Abdi kan nitah pang nyelepkeun teh Hejo , naha jadi oranye ? Matak ngaganggu etateh .
Ibu nu make baju oranye dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Ibu ibu : Tong nyalahkeun saya , da saya mah teu salah . Tuh tukang celep . Abdi pan miwarang pang nyelepkeun oranye, naha jadi hejo ?
Tukang celep dipanggil .
Hakim : Sia kudu digantung !!
Ngabantah kaditu-kadieu , terpaksa kudu digantung !
Ari Algojo na teh jelema belegug , ari tukang celep na jangkung , tihang gantungan na pendek . Nya teu ngagantung-ngagantung , teu paeh-paeh .
Hakim : Enggeus euy ?
Algojo : Hese Pa ! Jangkung teuing !
Hakim : Ari maneh bodo-bodo teuing , neangan tukang celep pendek !
Tukang celep pendek keur nyelep . Dek miluan .
Tukang celep pendek : Naon dosa Abdi ???!!
Sarerea : PENDEK !!

Hakim : Adil karaos sadayana ?
Sarerea : Adillll.....

Selasa, 04 Januari 2011

Nu Gelo II

Hiji waktu aya nu gelo teterekelan kana tihang listrik bari mawa Spidol . Tutulisan weh diluhur teh . Barang beres, maneh na turun bari seseurian .
Aya batur na naek , turun deui sabari seuseurian , 3an - 4an naek , turun deui bari seuseurian .
Dokter ngarasa aneh-eun . Naha unggal aya nu naek Seuseurian wae ? Maneh na Nekad naek . Dina Tung-tung tihang Listrik teh aya Tulisan . "TAH IEU TUNG-TUNG TIHANG LISTRIK TEH GOBLOG !!!"

Nu Gelo I

Hiji waktu aya jelema nu datang ka dokter jiwa :
Lalaki : Dokter , abdi ngagaduhan dulur , manehna rada teu waras .
Dokter : Teu waras na kumaha ?
Lalaki : Sok ngarasa dirina jadi Patlot !
Dokter : Aduh ! Bawa dulurna kadieu !
Lalaki : Ieu ge di candak 
(Bari ngaluarkeun patlot tina sakuna)
Lalaki : Tah ieu dulur abdi teh Dok ...
Dokter : Aduh !!! Lain dulur-dulur siah monyet ! Sia nu gelo na mah .. Nyingkah siah tidieu !

Ngidam

Hiji waktu aya ibu-ibu anu nuju ngidam , meni keukeuh eta hayang nyocol sirah nong-nong ku sangu . Ai tatangga na galak , sirah teh nong-nong ka hareup .
Salaki : Punten pisan Bapa ,,, upami diwidian pisan .. punten bade nyocol tarang Bapa , itu tos nyandak sangu ..
Bapa Tatangga : Ehh ,, sakedap atuhh ..
Asup heula ka imah , mawa batu bata .
Bapa Tatangga : Cocol tarang aing ku sia ku sangu , tarang sia dicocol ku aing make IEU (Make Batu) !

Pamolah Budak Ayeuna

Anakna : Pa hayang jajan Pa !
Bapana : Engke lamun Indung sia geus balik gawe ti saudi, da bapa mah teu boga duit !!! 
Anakna : Atuh Pa buruken uing hayang jajan !!! 
Bapana : Mengke lanan, dagoan Indung sia ges balik !!! 
Anakna : Indung sia-Indung sia , Pamajikan sia !!!

Dongeng Aki-aki dinu Kapal

Di Hiji Kapal Laut , aya jelema labuh ka handap , kanu cai .
Jelema 1 : Aduhh ,, kumaha itu aya jelema titeuleum .
Jelema 2 : Alah , jaba eweuh nu bisa ngojay deuih .. Kumaha nulungan na ?
Jleng !! aki-aki ngajleng tina kapal ka laut ..
Jelema 1 : Alungan Tambang !
Jelema 2 : Betot kaluhur !
Jelema Loba : Aduh , nuhun pisan aki , eweuh aki mah cilaka , duka kumaha ieu nasibna .
Eta diparuji kitu kalah ka rebah rebeh ..
Aki-aki : Mentong nuhun-nuhun siah Koplok ! Aing dek nanya , SAHA BIEU NU NYUNTRUNGKEUN AING ?
Panyateh nulungan , singhoreng aya nu nyuntrungkeun !!

Mamaungan

Kan di hiji Kampung teh aya awewe geulis , aya hiji pamuda dek nganjang ka imah na .

Pamuda 1 : Kumaha nya urang supaya bisa nganjang ka imah eta awewe ?
Pamuda 2 : Kieu weh , sok maneh nganjang ka imahna urang dek mamaungan di kolong imah panggung na
Pamuda 1 : Wah bener maneh euy ..
Langsung eta pamuda nganjang ka imah si awewe  . keur genah genah na ngobrol , kadenge sora gegereman . Da si eta mah apal yen etateh babaturan na . aduhh ,, genah si eta di tangkeup ku awewe eta da sieun ku maung tea . Barang enggeus si eta kaluar .
Pamuda 1 : Heuy,, enggeus euy .. nuhun lah , geus geuwat maneh kaluar , buru atuh geuwat kaluar !
Ai Pas ditinggali teh maung nyaanan , saprak babaturanna kakolong imah teh dihakan ku maung nyaan , beak sesa tulang .

Dongeng Peucang Diudag Maung

Aya Maung jeung anakna keur ulin , anak maung na teh lapar terus ngomong :
Anak Maung : Mah, hayang peucang mah , atuh mah hayang peucang .
Maung Kolot : Ahh , hoream cararape !
Anak Maung : Atuh mah hayang peucang !
Maung Kolot : Cicing ! dagoan didieu
Maung ngudag peucang kuatka gancangna . atuh da peucang mah lumpat na tarik , diudag ku maung . 
Ai peucang mah da leutik sup kanu pager awi . Maung milu asup , da teu mahi awakna badag . maung ngan asup huluna hungkul . titeterejel teu bisa kaluar eta Maung . Ai peucang jalu , nguriling jalan tukang .... nah DI OPI wehh ...
Anak Maung : Mana mah si peucang teh ?
Maung Kolot : Mentong sa sa si si siah ! Papih kitu !